Rabu, 09 November 2011

Contoh Biantara Bahasa Sunda "BAHAYA ROKOK"

Diposting oleh Elgia Mariska di 20.29

Assalamualikum wr.wb
Ibu Guru pangajar anu dipihormat,
Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang panjatkeun ka junjungan urang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin.
Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung, impotensi , ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko,  tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun lain.
Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malahka di durukan.
Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangmapaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.
Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.
Wassalamualikum wr.wb

13 komentar:

Unknown mengatakan...

izin save yaa mba buat tugas bahasa sunda :-) ^^ TQ

Unknown mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
Unknown mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
Unknown mengatakan...

izin copy yaa buat tugas

Unknown mengatakan...

terimakasih ini bisa jadi referensi untuk tugas, namun tidak untuk copy paste yah teman-teman..

Unknown mengatakan...

izin copy bwt tugas

Unknown mengatakan...

Izin copy buat tugas

Unknown mengatakan...

Izin coppy y ba ,,buat tugas bahasa sunda.

Terima kasih

Unknown mengatakan...

thanks izin copy yach...😅😅

Unknown mengatakan...

Terimakasih, izin copy buat tugas biantara Sunda, muhun

Unknown mengatakan...

Izin coba buat tugas

sivamrsl_ mengatakan...

izin save

sivamrsl_ mengatakan...

izin save

Posting Komentar

 

Ini Mariska :) Template by Ipietoon Blogger Template | Gadget Review